naon nu di maksud pamohalan dina dongeng
B. Daerah
nhonhananinu22
Pertanyaan
naon nu di maksud pamohalan dina dongeng
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dongeng mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa sok disebut prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern atawa prosa anyar. Conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon. Dina sumebarna, dongeng sumebar sacara lisan. Anu ngarang dongeng biasana henteu jelas atawa anonim. Kusabab dongeng sumebarna sacara lisan jeung pangarang dongeng sering anonim, Dongeng biasana miboga versi anu beda-beda.
Ciri-ciri dongeng nyaeta carita anu aya dina dongeng sok pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Saperti dina carita dongeng mah aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong. Kusabab dongeng sok miboga carita anuĀ pamohalan jeung loba bohongna, carita dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak. Kusabab dipikaresep ku barudak, carita dongeng sering digunakeun pikeun dieusian ku carita anu mangrupakeun atikan anu penting pikeun barudak.
Carita anu aya dina dongeng sering dijadikeun picontoeun jeung pieunteungeun anu ampuh pikeun barudak, sabab barudak sok resep pisan kana carita nu aya dina dongeng anu pamohalan jeung loba bohongna. Sanajan carita nu aya dina dongeng teh sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng teh ampuh pisan pikeun dieusi ku atikan anu bisa dijadikeun pieunteungeun jeung picontoeun, sabab barudak resep kana carita nu aya dina dongeng, saperti carita monyet jeung kuya, carita peucang jeung buhaya, carita monyet jeung maung, jeung sajabana ti eta.