Cik nyieun guguritan tema pendidikan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Guguritan nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda anu kaiket ku aturan pupuh. Ditilik tina wangun rumpakana aya dua rupa puisi Sunda nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda lianna, salian ti guguritan, anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra jeung pupujian.
Guguritan kaiket ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sorang engang tungtung dina unggall padalisan nu aya dina pupuh. Salahsahiji pupuh nyaeta pupuh sinom. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nyaeta 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Di handap ieu nyaeta conto guguritan tema pendidikan anu ngagunakeun pupuh sinom :
Di kelas mani hareudang (8-a)
saeutik ge taya angin, (8-i)
panon kalahka nundutan, (8-a)
hayangna mah gancang ngarti, (8-i)
keur maca basa Inggris, (7-i)
mata mah melongkeun buku, (8-u)
ngan teuing nu dibaca, (7-a)
boro-boro bisa ngarti, (8-i)
bet curinghak sabot aya nu ngaliwat. (12-a)
Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta kelompok Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh sinom kaasup kana kelompok Sekar Ageung. Guguitan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan biasana ngan ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Guguritan, pupuh sinom, Sekar Ageung, Sekar Alit